Membangun Pendidikan Dasar Indonesia

Saturday, 17 January 2015

Udud tilu bungkus

Marakbak mayak rupaning kembang. Seungit kaangin-angin. Basa kuring ningalkeun tempat éta, léngkah téh kacida gejedna. Haté melang ka manéhna. "Engké peuting arék dibaturan," gerentes haté.
Wanci peuting, rérés tahlilan, kuring geus saged. Dibaju haneut. Sarung, udud tilu bungkus, térmos eusi cipanas, gula kopi jeung sangray suuk keur opieunana kari ngajingjing dina kantong gandong.
"Ari manéh arék ka mana? Mikir atuh! Acan gé sapeuting pamajikan maot, geus deuk liar!" ceuk indung kuring.
"Badé," ngajawab teu kebat, ti luar aya nu uluk salam. Asa apal sorana.
Bray, panto dibuka ku indung kuring. Rét, belenyéh. Seblak! Haté nyeblak. Irna sobat pamajikan, nu kungsi ditimburukeun.
"Sareng saha ka dieu?" cekéng basa Irna geus diuk di hareupeun kuring.
"Nyalira. Punten abdi elat. Ngiring sungkawa!" pokna.
Der ngobrol. Lat poho ka pamajikan anu dikurebkeun tadi beurang. Inget-inget, sanggeus wanci nyerelek ka Subuh. "Kang, tiris!" Irna ngaharéwos. Rét, gebeg! Beungeut Irna bet robah, nyeplés jeung beungeut pamajikan kuring.

No comments:

Post a Comment